Sabtu, 29 Oktober 2016

KURING JEUNG BAPA (PANUNGTUNGAN)

KURING JEUNG BAPA (PANUNGTUNGAN)
 
Naskah Monolog (Jajaka)
karya: A.Y. Hudayat
 
 
Kuring gupuy-gapay ngadongkangan hate jeung pikiran. Ngalelebah... hayang timu alesan nu pangkuatna nepi diri dikadarkeun siga kieu.
 
Ngeunteung kana rampohpoyna waruga bapa pribadi, geus pasti mibanda pasualan nu béda. Hésé rék mapay jeung ngerong kaayan diri jaga. Dalah ayeuna gé, rasa teu mampuh jinek dina hal nu pasti. Kuring terus dikukuntit ku kalangkang nu kokolébatan; kakuatan nu hésé disingkahan.
 
Saupama Bapa nandeskeun kana dua pilihan, kuring kacida lebeng poékeun pisan kana éta pilihan. Cenah, hirup téh aya dina tatapakan milih; dua pilihan. Kuring angger poékeun. Kahayang mah ngabecir lumpat muru sampalan nu ngembat; rék diteuteup méga sangkan kuring teu remen nanya ngeunaan jalan panungtungan, najan rasa paselang jeung kahayang ngabelesat muru kana kahirupan panungtungan bari nyangsaya siga Bapa dina raga nu teu walakaya nandangan pangdakwa.
 
Ti bubudak, saacan kuring nyaho aya kajahatan nu ngukuntit jeung luwas ngajurkeun diri,  kekecapan Bapa nu kuduna mah katampa ti anggalna, tangtuna baris disurahan kalawan imet tur gemet. Baréto mah nu aya ngan rasa laluasa najan dina waktu nu heureut. Lain ngan ukur nyampak rupaning pilihan dina kahirupan harita, tapi sakabéhna tamplok ngan keur kuring. Saterusna éta téh nungtutan laleungit tina kahirupan pribadi. Antukna kuring kacida ngarasa kaleungitan ku maranéhanana nu jongjon ngadongkangan udagan hirupna di nagri deungeun. Kuring geus dipengparkeun. Bapa tacan kungsi ngatik jeung ngaping kuring ngawangun jeung nohagakeun harga diri. Kuring nu ti leuleutik can ngarti kana kasalametan hirup nu kuduna mah dilatih tapis ku Bapa pikeun narékahan jeung ngahontalna.
 
Ti saprak harita, nicak umur tujuh taun, kuring geus mimiti aya dina babakan kahirupan nu kalimpudan suni. Minangka pangbangbalerna nu kaitung ampuh mah nya ulin sakahayang jeung babaturan salembur, lungkra jauh moal ieuh aya nu nyarék.
 
Bibi kuring nu dipihapéan teu ieuh ngarasa melang. Manéhna mah leuwih tagiwur lamun kaleungitan cela, sipat, atawa lipenna. Teu ieuh tunyu-tanya ka kuring lamun elat balik ka imah, najan noron aya kana dua tilu poéna. Sésana mah keur kuring hiji kasenangan teu nampa panyarék téh. Tapi nu remen mah haté galécok nanya: saha nu baris buméla?!!!
 
Remen kuring ngajajal kaludeung; ngangkleung nébéng kana pick-up kosong atawa beus bari teu nolih kana panyarék supirna atawa kondéktur beus. Teu rék kitu kumaha, kuring jeung babaturan remen ngajleng turun sangeunahna, di mana baé najan mobil keur laju rada tarik.
Hiji mangsa kuring éléh gesit. Di parapatan nu pabaliut ku mobil, haté merod; teu bisa meuntas, teu bisa ngudag babaturan. Tacan tuman; teu bisa meuntas sorangan. Tapi aya nu ujug-ujug ngarawél leungeun, nuyun kuring mangmeuntaskeun. Kuring niat rék ngudag babaturan, tapi manéhna gancang ngarawél pigeulang. Manéhna ngagelenyu.
“Besok juga masih ketemu mereka kan?” cenah semu ngosom bari kamalayon siga nu tacan tuman kedalkeun ku basa Indonesia. Aya nu ngadadak kokolébatan. Ras inget sababaraha kawawuhan Bapa, bangsa deungeun, nu kungsi unggah ka imah sabulan saacan kolot kuring muru harepan di nagri deungeun. Lentongna méh sarua jeung éta lalaki nu mangmeuntaskeun.
 
Kuring unggeuk. Karérét babaturan geus nyalingker kana tikungan bagungan supermarkét. Rindat manéhna harita mah can mampuh dihartikeun naon-naon. Manéhna nawaran téh kotak. Kuring dituyun deui muru kios sisi jalan sapuluh léngkaheun ti kuring ngajanteng.
 
Késang nu ngagarajag na beuheung jeung tarang gancang ku manéhna dielap ku saputangan. Aya nu terus  kokolébatan. Ras inget ka nu kungsi unggah ka imah téa. Nu itu mah kulitna rada beureum, ieu mah ngeplak bodas.
Manéhna nojoskeun sedotan. Téh kotak gancang diasongkeun ka kuring.
“Senang menggambar? Om punya banyak crayon. Mau?” cenah bari angger ngagelenyu. Kuring dituyun muru jalan leutik. Manéhna muka panto mobil. Kuring dititah asup bari paromanna angger marahmay. Mobil ngageuleuyeung lalaunan, mapay-mapay jalan nu lalinduk. Manéhna galécok sagala dicaritakeun; nataan tempat-tempat nu can kungsi kasorang ku kuring. Kuring kalan-kalan unggeuk jeung gideug. Geus dituduhkeun di mana imah kuring, manéhna ngeupeulan duit. Kana béca baé rék balik mah, kagok rusuh aya jugjugeun nu kaitung jauh, cenah. Engké pagéto baé disampeur deui hayang crayon mah sakalian jalan-jalan deui. Selang dua poé ti harita, kuring dipapag di jalan peuntaseun nu daragang tanaman hias, nu dituduhkeun ku manéhna sangkan kuring ngadagoan di dinya. Ahirna kuring mimiti nampa kasenangan ti dirina.; dibawa jalan-jalan mapay-mapay puseur kota.
 
Kuring nyeungceurikan panasiban diri. Di hiji kamar hotél, peuting, geus numuwuhkeun kaceuceub nu ngarayap nuturkeun waktu ku tambahna umur. Nu karasa nyeri nu pangnyerina. Éta lalaki téh ngolo sangkan kuring répéh. Manéhna ngadongkan laci nu napel kana ranjang. Ngusiwel, dua lambar sapuluh rebuan disesebkeun kana saku kameja kuring.
 “Sekarang kamu harus segera tidur. Sudah malam sekali!”
Kuring murungkut. Kanyeri geus meungkeut awak jeung haté. Kuring terus nahan piceurikeun.
“Anak laki-laki gak boleh cengeng!”
Éta lalaki téh mareuman lampu kamar nu ngempray diganti ku lampu duduk lima watt. Manéhna ngabaheuhay lungsé. Kuring sisimekkeun, nyeungceurikan diri nu teu wasa nolak, ngalawan, atawa ngejat.
 
Ti harita, rasa tuluy kaangsonan jeung dituyun ku kacangcaya. Nincak lawang munggaran rupaning kasieun terus nyangkaruk na diri. Harita kuring tacan ngarti. Nu karasa ngan nyeri nu kacida; leuwih ti lir ditampiling ku kondéktur basa kuring maksa rék luncat tina beus. Kuring ngarasa dialungkeun ka jurang combrék nu lungkawing dibarung sabéngbatan diampul-ampul ka alak paul. Awak ngalayang terus rarasaan téh nyirorot kasedot. Kuring ragrag.
 
Isukna manéhna geus ngiles. Ti samprak harita, aya nu nyangkaruk dina unggal ambekan; pacaruk antara rasa ceuceub jeung sakapeung midangdam dirina datang dina ketak jeung ringu nu béda; ringu nu moal matak pikalewangeun;  teu kudu ngadodoho kuring. Tapi tacan tangtu lamun jonghok deui mah. Teuing rasa nu mana nu baris mudal.
 
Satutas dipantengkeun jalan hirup ti leuleutik tug nepi ka kiwari, horéng tacan kabual; tacan aya lolongkrang pikeun ngahontal, nembrakkeun jajatén, nembrakkeun kaceuceub. Nu dipantengkeun téh diulur deui, ngan ukur pikeun mancegkeun haté yén hiji mangsa kaketir diri nu pilewangeun geus lain rereged nu ngabakutet diri. Palias nu ngabakutet téh meulit awak nepi ka kuring kudu ngélél jeung panon jamotrot meredih hak hirup nu ilahar.
 
Méh unggal peuting kuring remen padungdengan jeung wanci nu geus lawas dina galur implengan pikahareupeun. Pikiran ngacacang, ngotéktak jeung ngadongkan tur mernah-mernahkeun diri dina rupaning kajadian nu dipiharep. Naha baheula kuring gubrag ka dunya bet sakolebatan nampa pangrurungrum asih téh?
 
Kuring terus lumaku; ngan ukur nuturkeun léngkah, teuing lebah mana anjogna kahayang. Rék dikotéktak hakékat hirup ti nu geus kaalaman jeung nu rék kaalaman. Naha kuring nu kudu lumaku dina ieu lalakon nu jauh tina harepan?
Kuring nu simpé dina kacangcaya. Teuing ti lebah mana heula kudu nyurahan ieu jalan hirup nu ngembat: papastén atawa ngan ukur saliara babadeun sangkan ambahan beuki lega dina ngababakan kapanceg diri.
 
****
 
Peuting ieu teu ieuh bisa disisilihan ku naon baé.  Lelembutan bisa ngumbara; kawasa mapay-mapay harepan. Najan teu nepungan deui raga gé, teu ieuh galideur. Réa cara pikeun mulang-antingkeun lelembutan, keur saheulaanan atawa ...
 
Kuring geus lumaku méh satengahna tina jalan hirup kuring nu masih ngembat panjang. Peuting engké, umur panceg dua puluh opat taun. Taya nu istiméwa, taya nu baris nuyun haté jadi bungangang. Kuring teu butuh panghiap nu lian. Diri ngan butuh katingtriman malahmandar bisa ngotéktak diri. Mungguh papastén jeung atawa naon baé disebutna, atawa “kabeneran” nu bisa ngababakan jadi papastén, éta kotéktakeun kuring.
 
Keur kuring mah hirup teh lir congo regang nu pinuh ku mérang niiran raga, niiran rasa. Tapi kalan-kalan éta regang téh ngajanggelek jadi amparan buludru  kulawu nu nuyun ngabangbalerkeun rupaning kahanjelu boh keur diri pribadi dina beungkeutan mangsa nu lawas; pangbangbaler dina pangreureuhan jeung pangbalikan, atawa ngan ukur sabéngbatan mépéndé haté.
 
Sabenerna mah kahayang téh hampang-himping ngaléngkah bari hahariringan héhéotan dina hawa nu kacida segerna. Tapi ieu imah pangreureuhan geus nganteurkeun kahirupan nu teu pikahartieun saacan kuring pantes jeung siap narimana saupama ieu jadi bagian tina papastén nu moal bisa dipungpang.
 
Kuring geus lawas kajiret jeung ngusey dina mongklengna kahirupan alatan kolot pribadi nu ngalalaworakeun sagala kawajibanana. Mangsa lawas nu terus ngukuntit bari teu ieuh méré bongbolongan.
 
Aya nu kudu gancang dikedalkeun saméméh lelembutan geus teu purun ngancik deui dina ieu raga.
 
Bapa.... saupama jaga kuring dipapag papasn nu langgeng, pangharéwoskeun... kuring tangtu ngareungeu dina lawang kalanggengan. Pangharéwoskeun, pangpancegkeun léngkah; Bapa bedas nuyun kuring dina kasadrahan.
Pancegkeun haté, najan diri aya dina kamampuh narékahan hirup ngan semet dieu, aya jugjugeun nu pasti di ditu tapi lain pikeun nyangsaya na rasa nu angger kingkin. Pangharéwoskeun saha Bapa jeung Ema téh, saupama kuring geus poho mangsa ditalek di alam kalanggengan. Pancegkeun  haté kuring yén aranjeun mikahéman kuring. Pancegkeun haté kuring  yén kuring aya dina pangrungrum kanyaah nu mernah. Tapi saupama geus teu mampuh kadongkang ku diri nu geus aya na tungtung harepan, aranjeun ulah ieuh kingkin ningal kuring lumaku muru carita anyar di kalanggengan. Keun, ieu jadi pamungkas kakingkin kuring, pamungkas nyantélna harepan,  nyangkarukna implengan nu lawas, jeung tarékah nu gelarna tina sésa tanaga nu diipuk ku rasa cangcaya. Pileuleuyan!
 

*******